istilah pancakaki

Istilah Pancakaki



Pancakaki téh nyaéta perenahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya kénéh.

a. Rundayan atawa Turunan
- anak => turunan kahiji.
- incu => turunan kadua, anakna anak.
- buyut => anak incu.
- bao => anakna buyut.
- janggawaréng atawa canggahwaréng => anakna bao.
- kait siwur => anak janggawaréng.

b. Ka luhur
- bapa => lalaki nu boga anak, salaki indung.
- indung => awéwé nu boga anak, pamajikan bapa.
- aki => bapana indung atawa bapa.
- nini => indungna indung atawa bapa.
- buyut => indung/bapana aki atawa nini.
- bao => indung/bapana buyut.
- janggawaréng => indung/bapana bao.
- kaitsiwur => indung/bapana janggawaréng.

c. Ka gigir
- adi => dulur sahandapeun
- lanceuk => dulur saluhureun.
- emang/paman => adina bapa atawa indung (lalaki),
- bibi => awéwé adina bapa atawa indung.
- ua => lanceuk bapa atawa indung.
- alo => anak lanceuk.
- toa => anak adi.
- kapiadi => anakna emang/bibi.
- kapilanceuk => anakna ua.
- incu ti gigir => incuna adi
- aki ti gigir => lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini.
- nini ti gigir => awéwé, adina atawa lanceukna aki/nini.
- ua ti gigir => anakna lanceuk aki/nini.
- emang ti gigir => anakna adi aki/nini (lalaki)
- bibi ti gigir => awéwé, anakna adi aki/nini.

d. Istilah Séjénna

- adi beuteung => adina pamajikan/salaki.
- dulur sabrayna => dulur misan, anak paman, bibi, atawa ua.
- dulur teges => dulur enya, saindung, sabapa.
- indung téré => pamajikan bapa, lain anu ngalahirkeun urang.
- bapa téré => salaki indung, lain anu ngalantarankeun urang lahir.
- anak téré => anak sampakan ti salaki atawa pamajikan.
- dulur patétéréan => anak indung atawa anak bapa téré.
- cikal => anak panggedéna.
- pangais bungsu => lanceukna bungsu.
- bungsu => anak pangleutikna.
- baraya laér => baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna.
- teu hir teu walahir => teu baraya saeutik-eutik acan.
- bau-bau sinduk => baraya kénéh, sanajan geus laér.
- dulur pet ku hinis => dulur teges.
- baraya => sakur nu aya pancakakina.
- karuhun => luluhur, jalma-jalma anu kungsi aya lila heulaeun urang, nu ngarundaykeun urang

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • Twitter
  • RSS

kasakit

Ngaran Rupa-Rupa Kasakit


- balas bogo => kasakit kulit sabangsa hapur, warnana bodas semu karadak.
- batuk gangsa => batuk lantaran aya gangguan dina bayah (tbc, jsb),
- batuk bangkong => batuk kosong.
- bisul => kasakit handapeun kulit, bareuh nu ngandung nanah sarta mataan.
- bisul beunyeur => bisul leutik, matana siga beunyeur.
- borok => raheut nu tuluy nanahan lantaran inféksi atawa radang anu pohara.
- botoleun => kasakit dina dampal suku, liangan.
- budug => kasakit kulit, baruntus atawa carénang, biasana ateul lantaran kuman.
- bungkul => sabangsa bisul ngan leuwih teuas.
- cacar, kuris => kasakit kulit nu babari tépa.
- cenang => sarupa bisul ngan leutik, aya nanahan,
- conge => kasakit jero ceuli, kaluar nanah.
- éwateun => kasakit kulit, warna semu beureum ngageblég, karasa ateul, renyem.
- geregeseun => kasakit nyeri kiih, upamana dilantarankeun ayana batu dina jero rarangan (kencing batu).
- gondok => kasakit dina beuheung lantaran kurang yodieum, siga bareuh ngagandoy, tumerapna sok nahun.
- gondongeun => kasakit bareuh dina beuheung bagian luhur, tumerapna henteu lila, biasa disebut panyakit anjing, sok diubaran ku bulao.
- hapur => kasakit kulit totol-totol barodas, karasana ateul mun kakésangan, babari tépa.
- hapur kembang => hapur nu bodas katenjona, bisa diubaran ku daun laja.
- hapur beusi => hapur nu leuwih kandel, hésé leungitna.
- hileudeun => kasakit lantaran inféksi dina ramo jeroeun kuku.
- jengkoleun => kasakit nyeri kiih lantaran loba teuing dahar jengkol.
- jangar, rieut => nyeri sirah jejeletétan.
- keremieun => kasakit ateul bujur lantaran cacing keremi.
- késrék=> kasakit kulit sapérti éksim garing.
- kokoloteun => kasakit kulit beungeut, semu harideung, lantaran kapanasan atawa wedak.
- leuncangeun => kasakit dina sela-sela ramo suku, marentis atawa bareulah, dilantarankeun ku kuman cai, karasana ateul.
- mejen => hésé ngising, kabebeng.
- mengi => asma, kasakit hésé ngambekan pangpangna upama katiisan.
- mimiseun => kaluar getih tina irung lantaran sariawan, jst.
- muriang => awak panas-tiris lantaran katerap kasakit malaria, jsb.
- peujit koréseun => kasakit nyelengit beuteung lantaran telat barangdahar.
- reunghaseun => kasakit kulit, kulit semu tarutung tur semu upamana lantaran keuna ku geutah reunghas.
- rieut => nyeri sirah.
- rorombéheun => kasakit dina dampal suku pangpangna dina lebah keuneung, kulitna bareulah.
- sakalor => kasakit sarap, épilépsi.
- salatri => kasakit nu timbul lantaran kosong beuteung, karasa lieur sebel, tor kaluar késang tiis.
- kalikiben => rasa nyeri dina jero beuteung anu sok timbul upama tas dahar (nginum) kagujrug-gujrug ku lulumpatan.
- salésma => kasakit irung, influenza, flu.
- sampar => kasakit nu babari tepa.
- sariawan => kasakit nu ngalantarankeun barusuh, lantaran panas beuteung.
- sumbilangeun => kasakit awéwé, nyeri pianakan waktu keur kotoran.
- tajam => diséntri, kasakit beuteung nu dilantarankeun ku baksil.
- tampek => kasakit kulit, ateul semu panas, biasa tumerap ka budak.
- tibar => kasakit sarupa bisul, matana tujuh.
- turuwisen => kasakit sarupa cénang dina biwir panon.
- uuseupeun => kasakit dina tikoro, karasana nyeri neureuy, aya useupan.
- wasir => ambéyen, nongtot bool.
- sisidueun => gangguan di jero dada lantaran katiisan nu nimbulkeun ceklak-cekleuk.
- jeungjeuriheun => kasakit nyeri kiih, cenah lantaran nginum cai nu can asak pisan.
- radang => kasakit kulit nu nanahan

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • Twitter
  • RSS

wanci

Sesebutan Waktu dina Sapoé Sapeuting


Wanci janari gedé => kira-kira tabuh 01.00 – 03.00 peuting.
Wanci janari leutik => kira-kira tabuh 03.30 – 04.30
Wanci balébat => waktu pajar geus udat-udat (sinar panonpoé) beulah wetan (± tabuh 04.30)
Wanci carangcang tihang => wanci liwat pajar, téténjoan remeng-remeng kénéh (± tabuh 04.30 – 05.00)
Wanci haneut moyan => waktu sedeng ngeunah dipaké moyan (± tabuh 07.00 – 08.30)
Wanci rumangsang => waktu panonpoé geus mimiti karasa panas (± tabuh 09.00)
Wanci pecat sawed => waktu munding anu dipaké magawe dilaan sawedna (± tabuh 10.00)
Wanci manceran/lohor => waktu panonpoé luhureun sirah, tengah poé (tabuh 12.00)
Wanci lingsir ngulon => waktu panonpoé geus mimiti gésér ka kulon (tabuh 13.00)
Wanci panonpoé satangtung => ± tabuh 15.00 waktu
Wanci tunggang gunung => panonpoé geus rék surup, ayana dina luhureun gunung (± tabuh 16.00-17.00)
Wanci sariak layung => waktu layung (sinar panonpoe) di langit katénjo beureum. (± tabuh 17.00 – 18.00)
Wanci sareupna => geus mimiti reup poék (± tabuh 18.30)
Wanci sareureuh budak => waktu budak leutik geus mimiti carapéeun tas hareureuy jeung dulurna (± tabuh 20.00)
Wanci tengah peuting => ± tabuh 24.00

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • Twitter
  • RSS

ngaran anak sasatoan

Ngaran Anak Sasatoan



Anak anjing : kirik/kicik
Anak bagong : begu
Anak bandeng : nanar
Anak banteng : bangkanang
Anak bangbung : kuuk
Anak bangkong : buruy
Anak belut : kuntit
Anak bogo : cingok
Anak boncel : bayong
Anak buhaya : bocokok
Anak deleg : boncel
Anak embe : ceme
Anak gajah : menel
Anak hayam : ciak/pitik
Anak japati : piyik
Anak kancra : badal
Anak keuyeup : bonceret
Anak kuda : belo
Anak kukupu : hileud
Anak kutu : kuar
Anak lancah : aom
Anak lauk : kebul/burayak
Anak lele : nanahaon
Anak lubang : leungli
Anak maung : juag/aum
Anak monyet : begog
Anak munding : eneng
Anak reungit : utek-utek
Anak sapi : pedet
Anak ucing : bilatung

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • Twitter
  • RSS

kali-kali koneng

KALI-KALI KONENG

Kali-kali koneng
Naha koneng aing di kali
Piubareun budak
Naon budakna
Hulu lisung
Naon pangasuhna
Jurig beureum dikukuncung

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • Twitter
  • RSS

jaleuleu

JALEULEU

Jaleuleu ja
Tulak tujaeman gog
Seureuh leuweung bay
Jambe kolot bug
Ucing katinggang songsong
Ngek!

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • Twitter
  • RSS

eundeuk-eundeukan lagonie

EUNDEUK-EUNDEUKAN LAGONIE

undeuk-eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku Nini
Beunang deui ku Aki
Eundeuk-eundeukan cangkuang
Bale Bandung Paseban
Meunang peucang Pa Ujang
Leupas deui ku Akang

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • Twitter
  • RSS

eundeuk-eundeukan

EUNDEUK-EUNDEUKAN

Eundeuk-eundeukan
Taraju bawangKalima cipe, jae ulae
Sangkayo
Cabok cinde mende
Dodomoyo

Endeuk-eundeukan
Jamparing pegat talina
Aleut-aleutan
Nu kawin euweuh walina

Euleung euy euleun barudak urang ka jami
embung euy embung sieun badak nu kamari
Euweuh euy euweuh
Geus dibedil ku si Sedet
Detong det detong
Si Sedet kari sapotong

Jung jae
Balakatanjung jae
Mangsoyi godong malati, riri
Riri nyandung ka putra dalem
Tumenggung Bandung
Bandung tipung polongpong
Saunda saendo poho
Poho tadi lalajo teu mawa simbut, butut!

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • Twitter
  • RSS

cingcangkeling

CINGCANGKELING

Cingcangkeling
Manuk cingkleng cindeten
Plos ka kolong
Bapa satar beleneng

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • Twitter
  • RSS

bulantok

BULANTOK

Bulantok-bulantok
Bulan gede bulan montok
Moncorong sagede batok

Bulantok-bulantok
Aya bulan sagede batok
Bulanting-bulanting
Aya bulan sagede piring

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • Twitter
  • RSS

ayang-ayang gung

AYANG-AYANGGUNG

Ayang-ayang gung
Gung goongna rame
Menak ki Wastanu
Nu jadi wadana
Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kompeni
Niat jadi pangkat
Katon kagorengan
Ngantos Kangjeng Dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • Twitter
  • RSS

ngaran kaulinan barudak

1. AMBIL-AMBILAN
2. CONGKAK
3. CINGCIRIPIT
4. ENCRAK
5. ENGKLE
6. EMPET-EMPETAN
7. GALAH
8. GALAH BANDUNG
9. GATRIK
10. GUGUNUNGAN
11. HAHAYAMAN
12. HONG-HONGAN
13. LALANDAKAN
14. ORAY-ORAYAN
15. PACIWIT-CIWIT LUTUNG
16. PACUBLEK-CUBLEK UANG
17. PEPERANGAN
18. PRIS-PRISAN
19. SONDAH
20. SORODOT GAPLOK
21. SURUNG MUNDING
22. UCING-UCINGAN

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • Twitter
  • RSS

ngaran kekembangan

Kembang awi : eumbreuk
Kembang bako : bosongot
Kembang bawang : ulated
Kembang bolang : ancal
Kembang boled: tela
Kembang cabe : bolotot
Kembang cau: jantung
Kembang cengek : pencenges
Kembang cikur : jelengut
Kembang eurih : ancul
Kembang gedang : ingwang
Kembang genjer : gelenye
Kembang hoe : bubuay
Kembang honje : comrang
Kembang jaat : jalinger
Kembang jambe : mayang
Kembang jambu aer : lenyap
Kembang jambu batu : karuk
Kembang jarak : uing
Kembang jengkol : merekenyenyen
Kembang jeruk : angkruk/angkes
Kembang jotang : puntung
Kembang kadu : olohok
Kembang kalapa : suligar
Kembang peuteuy : pendul
Kembang kaso : curiwis
Kembang kawung : pengis
Kembang koneng : badul
Kembang kulur : pelepes
Kembang laja : jamotrot
Kembang leunca : pengit
Kembang limus : seleksek
Kembang lopang : cacas
Kembang muncang : rinduy
Kembang pare : ringsang
Kembang salak : sedek/gojod
Kembang sampeu : dingdet
Kembang taleus : ancal
Kembang tangkil : uceng
Kembang terong : moncorong
Kembang tiwu : badaus
Kembang waluh : alewoh

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • Twitter
  • RSS